Elmu Luhung Kasakti Diri

Rabu, 27 April 2011

NIIS

Hoyong niis,
sono sawah anu hejo
hoyong niis
miceun kasusah
hoyong niis
milari anu leungit
hoyong niis
nengtremkeun manah anu kamari ka codet raheut
hoyong niis
milari nu leungit kamari
hoyong niis
bade nyarita ka alam, haharewosan ka angin, bari seuseurian jeung manuk nu keur silih oconan jeung baladna



J Nurul Arrasyid
Bandung (Kosan)
Rabu, 27 April 2011
23.17 WIB



1 komentar: